Budaya Urang Sunda

SMP_8

ASEP DISUNATAN

Asep teh geus umur tujuh taun, malah geus sakola kelas dua da diasupkeun SD-na keur umur lima taun, geus manjing lamun disunatan teh. Kabeneran harita teh rek pere semesteran, katurug-turug harita kolotna keur boga rejeki. Salian ti geus manjing disunat, Asep oge geus merenyeng bae menta disunat da batur-batur sakolana mah ampir geus disunat kabeh. Era majarkeun teh.

Kulantaran Asep anak cikal jeung kolotna kaitung mampu, cigana hajatna bakal rongkah. Da eta sasadiaan bahan-bahan kaolahan oge sakitu lobana, kitu deui surat ondangan keur dulur-dulur atawa baraya jeung kawawuhan anu jauh oge aya ratusna. Acan tatangga deukeut mah, apan di lembur mah ari ngaran tatangga deukeut teu kudu diondang, asal nyaho baga maksud, pasti datang ngadon arondangan.

Pisaminggueun deui Asep disunat, ondangan geus diedarkeun, kitu deui kaayaan di imah geus mimiti rame. Dulur-dulur jeung baraya anu jauh geus daratang. Kitu deui aki jeung ninina Asep oge harita geus aya di imah. Atuh puguh bae di imah teh jadi haneuteun, paciweuh ku anu molah.

Waktu teu karasa beuki nyerelek, poe Asep disunatan beuki deukeut. Kaayaan imah beuki paciweuh da katambah ku tatangga deukeut nu dating ngadon mantuan popolah. Salian ti eta oge aya anu nyieun janur, aya oge anu masang tenda, tapi aya oge anu maen catur jeung maen gapleh, malah aya oge anu ngan ngobrol bae maturan sohibul hajat. Si Jagur jeung si Meles dimomol, domba jalu anu garede ngahaja meunang mesen ti anggalna ambeh dagingna teu orot da isukan arek dipeuncit.

Niti wanci anu mustari ninggang mangsa anu sampurna, nya harita nepi ka waktuna Asep disunatan. Subuh-subuh Asep geus dihudangkeun, terus dibawa ka pancuran rek dikeueumkeun, supaya engke waktuna disunat baal jadi teu karasa nyeri. Subuh-subuh Asep geus dihudangkeun, terus dibawa ka pancuran rek dikeueumkeun, supaya engke waktuna disunat baal jadi teu karasa nyeri. Di imah kolot-kolot geus ngariung, nyampak bengkong nu rek nyutan Asep, barudak anu panasaran haying nempo anu disunat oge geus ngarumpul, bari nungguan berekat, da biasana sok dibere sangu pincuk.

Sarengsena Asep disunat terus didiukeun dina korsi anu geus meunang ngarias, bari nyangharepan cecempeh anu eusina rupa-rupa kadaharan haturan budak sunat, di antarana aya bakakak, kueh bubuayaan, jrrd. Digigireunana disadiakeun bokor wadah duit panyecep, atuh anu nyarecep the jul-jol utamana tatangga deukeut bari nyarebut kasep.

Pabeubeurang nu ngadon ondangan geus mimiti rame, kitu deui guru Asep oge harita sarumping. Asep bungah kacida, lantaran ayeuna mah moal diledek deui ku babaturanana. Jeung nu utama mah boga duit loba lading panyecep. “Keur meuli sapeda BMX,” pokna bari seuri.

Istilah Adat Istiadat
1. Hajat bumi, nyaeta ngariung bari ngagoda anu tujuanana ngucap syukur lantaran geus panen mucekil.
2. Tahlilan, nyeta ngariung keur ngadoakeun anu maot.
3. Naktu, netepkeun waktu pikeun ngalaksanakeun hiji kagiatan.
4. Repok, itung-itung dumasar wedal pikeun laki rabi.
5. Nyusur tanah, nyaeta salametan lantaran maot teu puguh laratanana.
6. Nujuh bulan, nyaeta salametan nu kakandungan tujuh bulan.
7. Marhaba, nyaeta salametan mere ngaran jeung nyukuran jabang bayi.
8. Ngaliwon, ngamandian jimat dina jumaah kaliwon.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s