BAHASA SUNDA SMP-8

RAGAM BASA

Saperti nu geus dipikanyaho ku hidep yen basa sunda mah beda jeung basa indonesia. Dina basa sunda aya ragam basa, nyaeta dina nyarita kasahandapeun, ka sasama, jeung keur ka saluhureun atawa ka kolot teh basa nu dipakena teu sarua.
Pikeun nambah pangaweruh hidep, ieu dihandap aya sababaraha conto kecap ragam loma jeung ragam hormat:
download!

http://www.ziddu.com/download/19543042/RAGAMBASASUNDA.doc.html

ISTILAH WAKTU

1. Isuk-isuk, nyeta wanci ba’da subuh nepi ka waktu lewih jam 09.00.
2. Saenggeus, nyaeta nuduhkeun waktu nu geus kaliwat, tapi anyar keneh.
3. Harita, nyaeta nuduhkeun waktu nu geus kaliwat geus rada lila atawa waktu eta.

Dina basa sunda aya sesebutan atawa istilah waktu dina sapoe sapeuting, di antarana:
* Wanci janari (kira-kira tabuh 01.00-04.00)
* Wanci balebat (kira-kira tabuh 04.00 nepi ka pajar)
* Wanci carancang tihang (kira-kira tabuh 05.00-05.30)
* Wanci haneut moyan (kira-kira tabuh 07.30-08.30)
* Wanci rumangsang (kira-kira tabuh 09.00)
* Waktu pecat sawed (kira-kira tabuh 10.00
* Wanci manceran (kira-kira tabuh 12.00)
* Wanci lingsir ngulon (kira-kira tabuh 13.00)
* Wanci sariak layung (kira-kira tabuh 17.00-18.00)
* Wanci sareupna (kira-kira tabuh 18.00-18.30)
* Wanci sareureuh budak (kira-kira tabuh 19.00)
* Wanci teungah peuting (kira-kira tabuh 12.00)

PUPUH PANGKUR JEUNG LAMBANG

SMP-8
1. PANGKUR
Pupuh pangkur ngabogaan aturan guru wilangan jeung guru lagu 8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, jeung 8-i, jadi dina sapada aya tujuh padalisan. Eusi pupuh pangkur biasana napsu atawa sikap rek perang.

Conto:
Ceuk hate sungkan miboga (8-a)
Hayang waleh ngan teu wasa teu kapikir (11-i)
Seueul angen bari napsu (8-u)
Sok sieun kaleleban (7-a)
Bati melang bati nineung ti kapungkur (12-u)
Handeueul ku lalamunan (8-a)
Sok sieun henteu ngajadi (8-i)

Supaya jelas dirucat saengang-saengang.

Ceuk/ha/te/sung/kan/mi/bo/ga (8-a)
Ha/yang/wa/leh/ngan/teu/wa/sa/teu/ka/pi/kir (11-i)
Seu/eul/a/ngen/ba/ri/nap/su (8-u)
Sok/si/eun/ka/le/le/ban (7-a)
Ba/ti/me/lang/ba/ti/ni/neung/ti/ka/pung/kur (12-u)
Han/deu/eul/ku/la/la/mu/nan (8-a)
Sok/si/eun/hen/teu/nga/ja/di (8-i)

2. LAMBANG
Pupuh lambang mah dina sapada diwangun ku opat padalisan, sedengkeun guru lagu jeung guru wilanganana, nyaeta 8-a, 8-a, 8-a, 8-a. Eusi pupuh lambang biasana guyon atawa heureuy.

Conto:
Nawu kubang sisi tegal (8-a)
Nyiar bogo menang kadal (8-a)
Atuh teu payu dijual (8-a)
Rek di dahar da teu halal (8-a)

Lamun dirucat jadina kieu:
Na/wu/ku/bang/si/si/te/gal (8-a)
Nyi/ar/bo/go/me/nang/ka/dal (8-a)
A/tuh/teu/pa/yu/di/ju/al (8-a)
Rek/di/da/har/da/teu/ha/lal (8-a)

Budak Jalanan

Ceuk batur mah kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen dina kendaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas kapanasan
Mun hujan kahujanan
Mun reup peting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan

Ti mana ti mana atuh timana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Alloh paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi teh ayana

Ceuk batur mah kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen dina kendaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana
Mun panas kapanasan
Mun hujan kahujanan
Mun reup peting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
henteu boga patempatan
Pikeun pangbalikan

Ti mana ti mana atuh timana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Alloh paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi teh ayana

Ti mana ti mana atuh timana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Alloh paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi teh ayana

Ti mana ti mana atuh timana
Diri kuring ti mana atuh asalna
Kumaha kumaha atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Alloh paparin abdi pituduh
Na di mana kolot abdi teh ayana

Silsilah Kulawarga

Mangga kantun didownload wae:

http://www.ziddu.com/download/15378825/SilsilahKulawarga.docx.html

Salian ti eta, aya oge istilah pancakaki sejena, nyaeta:

1. Adi (dulur sahandapeun)

2. Lanceuk (dulur saluhureun)

3. Kapiadi (anakna mamang)

4. Kapilanceuk (anakna uwa)

5. Emang/bibi (adina bapa atawa indung)

6. Alo (anak lanceuk)

7. Uwa (lanceuk bapa atawa lanceuk indung)

8. Adi beuteung (adi pamajikan)

9. Bungsu (anaka anu pang leutikna)

10. Mitoha (bapa atawa indung pamajikan)

Ah sakitu we heula……..

Budaya Urang Sunda

SMP_8

ASEP DISUNATAN

Asep teh geus umur tujuh taun, malah geus sakola kelas dua da diasupkeun SD-na keur umur lima taun, geus manjing lamun disunatan teh. Kabeneran harita teh rek pere semesteran, katurug-turug harita kolotna keur boga rejeki. Salian ti geus manjing disunat, Asep oge geus merenyeng bae menta disunat da batur-batur sakolana mah ampir geus disunat kabeh. Era majarkeun teh.

Kulantaran Asep anak cikal jeung kolotna kaitung mampu, cigana hajatna bakal rongkah. Da eta sasadiaan bahan-bahan kaolahan oge sakitu lobana, kitu deui surat ondangan keur dulur-dulur atawa baraya jeung kawawuhan anu jauh oge aya ratusna. Acan tatangga deukeut mah, apan di lembur mah ari ngaran tatangga deukeut teu kudu diondang, asal nyaho baga maksud, pasti datang ngadon arondangan.

Pisaminggueun deui Asep disunat, ondangan geus diedarkeun, kitu deui kaayaan di imah geus mimiti rame. Dulur-dulur jeung baraya anu jauh geus daratang. Kitu deui aki jeung ninina Asep oge harita geus aya di imah. Atuh puguh bae di imah teh jadi haneuteun, paciweuh ku anu molah.

Waktu teu karasa beuki nyerelek, poe Asep disunatan beuki deukeut. Kaayaan imah beuki paciweuh da katambah ku tatangga deukeut nu dating ngadon mantuan popolah. Salian ti eta oge aya anu nyieun janur, aya oge anu masang tenda, tapi aya oge anu maen catur jeung maen gapleh, malah aya oge anu ngan ngobrol bae maturan sohibul hajat. Si Jagur jeung si Meles dimomol, domba jalu anu garede ngahaja meunang mesen ti anggalna ambeh dagingna teu orot da isukan arek dipeuncit.

Niti wanci anu mustari ninggang mangsa anu sampurna, nya harita nepi ka waktuna Asep disunatan. Subuh-subuh Asep geus dihudangkeun, terus dibawa ka pancuran rek dikeueumkeun, supaya engke waktuna disunat baal jadi teu karasa nyeri. Subuh-subuh Asep geus dihudangkeun, terus dibawa ka pancuran rek dikeueumkeun, supaya engke waktuna disunat baal jadi teu karasa nyeri. Di imah kolot-kolot geus ngariung, nyampak bengkong nu rek nyutan Asep, barudak anu panasaran haying nempo anu disunat oge geus ngarumpul, bari nungguan berekat, da biasana sok dibere sangu pincuk.

Sarengsena Asep disunat terus didiukeun dina korsi anu geus meunang ngarias, bari nyangharepan cecempeh anu eusina rupa-rupa kadaharan haturan budak sunat, di antarana aya bakakak, kueh bubuayaan, jrrd. Digigireunana disadiakeun bokor wadah duit panyecep, atuh anu nyarecep the jul-jol utamana tatangga deukeut bari nyarebut kasep.

Pabeubeurang nu ngadon ondangan geus mimiti rame, kitu deui guru Asep oge harita sarumping. Asep bungah kacida, lantaran ayeuna mah moal diledek deui ku babaturanana. Jeung nu utama mah boga duit loba lading panyecep. “Keur meuli sapeda BMX,” pokna bari seuri.

Istilah Adat Istiadat
1. Hajat bumi, nyaeta ngariung bari ngagoda anu tujuanana ngucap syukur lantaran geus panen mucekil.
2. Tahlilan, nyeta ngariung keur ngadoakeun anu maot.
3. Naktu, netepkeun waktu pikeun ngalaksanakeun hiji kagiatan.
4. Repok, itung-itung dumasar wedal pikeun laki rabi.
5. Nyusur tanah, nyaeta salametan lantaran maot teu puguh laratanana.
6. Nujuh bulan, nyaeta salametan nu kakandungan tujuh bulan.
7. Marhaba, nyaeta salametan mere ngaran jeung nyukuran jabang bayi.
8. Ngaliwon, ngamandian jimat dina jumaah kaliwon.